Jumat, 25 Januari 2013

Materi Ngaresensi Buku Bahasa Sunda Kelas XI


BAB IV
Ngaresensi Buku

Ngaresensi buku kira-kira sarua jeung meunteun (ngajen) hiji buku. Biasana lain bae eusina, sanajan eta nu diutamakeun, tapi ngurung basana, cara/pola nulisna, malah ilustrasi jeung sisi artistik oge tara kaliwat diajen. Ngan umumna ngaresensi ngeunaan ilustrasi jeung artistik mah, ngan ukur saliwat-saliwat.
Ngaresensi teh pagawean kritikus. Profesi anu teu eleh pentingna dibandingkeun jeung pangarang. Ku kituna kacida diperlukeunana. Hasil resensina bisa dipake panungtun, naha eta buku teh alus atawa goreng. Lamun alus lebah mana alusna, lamun aya kakurangan sisi mana kakuranganana.
Ngritik atawa ngaresensi buku, tangtu bae henteu bisa sagawayah. Ngaresensi butuh modal kaweruh widang anu rek dikritikna. Kritikeus sastra kudu ngarti soal-soal sastra. Nya kitu deui mun urang rek ngaresensi buku ngeunaan basa, kudu paham heula kana soal-soal basa.
1.      Tujuan ngaresensi :
·               Méré informasi atawa pamahaman anu komprehensif ngeunaan naon anu kasampak sarta kaungkab dina hiji buku.
·               Ngajak pamaca pikeun mikiran fenomena anu mecenghul dina hiji buku.
·               Méré tinimbangan naha buku éta pantes meunang pangbagéa ti masarakat   atawa henteu.
·               Némbalan patarosan anu aya lamun hiji jalma nempo buku anu kakara medal.
2.      Basa resensi
Biasana singget, mundel, henteu panjang rubak (henteu ngalor ngidul), teges, tandas jeung metot.
3.      Kaleuwihan ngaresensi
·         Henteu bari.
·         Nambahan wawasan.
·         Meunangkeun kauntungan finansial.
4.      Unsur-unsur ngaresensi

4.1                Nyieun judul resensi
Judul resensi anu metot  henteu perlu ditetepkeun leuwih tiheula. judul bisa dijieun sanggeus ngaresensi réngsé.
4.2                Nyusun data buku
·         Judul buku
·         Pangarang
·         Penerbit
·         Warsih medal reujeung citakanana/citakan ka sabaraha
·         Kandel buku
·         Harga buku (lamun diperlukeun)
4.3                Bubuka resensi
·         Ngawanohkeun pengarang
·         Ngabandingkeun jeung buku sajenis anu geus aya
·         Ngadadarkeun unikna buku
·         Ngungkapkeun kritik
·         Ngungkapkeun gambaran bukuna
·         Ngawanohkeun penerbit
·         Ngusulkeun patarosan
4.4                Eusi resensi buku
·         Sinopsis atawa eusi buku sacara ngaruntuy
·         Ulasan singget buku make kalimah sacukupna
·         Kapinunjulan buku
·         Kalemahan buku
·         Rumusan carangka buku
·         Langlangan basa
·         Ayana kasalahan citak
4.5                Panutup resensi
Eusina  uraian ngeunaan buku éta penting pikeun saha.

5.      Léngkah-léngkah ngaresensi buku
5.1              Buku nu rek diresensi baca heula sing taliti, alusna ulah ngan sakali. Naon, judulna, saha pangarangna, jeung penerbit naon nu medalkeunna.
5.2              Geus enya-enya katangkep eusina, timbang lebah mana unggulna jeung sabalikna. Naha aya nu aneh/istimewa atawa sabalikna.
5.3              Taliti basana, tata basa, istilah-istilah,ejahan, gaya basa, mun perlu nepi ka titik komana, utamana upama nu diresensina buku ngeunaan basa.
5.4              Pola nulisna, ngeunah henteu dibacana, karasa henteu rasa basana, jeung komunikatif atawa henteu.
5.5              Sakira dianggep penting, titenan ilustrasi jeung tata artistikna. Naha ilustrasina merenah atawa malah tojaiah, teu ka ditu ka dieu. Nya kitu deui tata artistikna, pangpangna hurup jeungmetakeunana, ngareunah henteu katenjona.
5.6              Upama tujuanana hayang mere gambaran lengkep ka nu maraca, ulah poho taliti jumlah kaca jeung hargana.
5.7              Sanggeus kitu kakara hasil pangajen urang ditulis. Inget, dina ngasongkeun pangajen kudu enya-enya obyektif.

1 komentar:

  1. Casino, Live Dealer and Poker News - JamBase
    JamBase has been giving away 여수 출장안마 over 200 free online slot machines to 남원 출장안마 new players. Read about their daily 태백 출장안마 casino 논산 출장안마 news and get up to $1500 bonus! 광명 출장샵

    BalasHapus